"Too often we don't realize what we have until its gone. Too often we're too stubborn to say 'sorry, i was wrong'. Too often it seems we hurt the ones closest to our hearts. AND WE LET THE MOST FOOLISH THINGS TEAR US APART"

Minggu, 20 Mei 2012

Drama singkat basa sunda

ITEUNG HAYANG TIPI

 
 Kacaritakeun di hiji lembur aya hiji kulawarga ngaranna kulawarga Kabayan.Dina hiji poe kacaritajeun Nyi Iteung keukeuh hayang meuli tv

Iteung : Akang.. akang..! Ka mana atuh si akang teh? Akang akang ..iih nyi iteung meuni geus lieur neangan?
Kabayan : Aya naon atuh Iteung? Meni asa rariweuh ieu teh.Titadi hayoh wepulang anting kaditu kadieu.Ayanaon atuh?
Iteung : Akang pokonamah Iteung hayang apal, isukan akang kudu meuli tv  jang Iteung!
Kabayan : Keheula atuh Iteung! Meni asa tara-tara ngadadak hayang dipang meulikeun tv,nya kunaon kitu?
Iteung : Ah pokonamah Iteung hayang tv, mun teu dipang meulikeun Iteung rek bebeja kasi Abah!
Kabayan : Ari masalah kasi Abahmah gampang atuh Iteung, paling oge si Abah nitah ngajual domba. Matak geus ayeunamah ulah waka bebeja heula!
Iteung : Aeh-aeh si Akang pinter ogenya. Sokatuh ayeunamah geura  jual buru-buru dombana ngarah Iteung buru-buru boga tv!

 Kacaritakeun Iteung geus meuli tv, tvna ditunda di kamar.

Ema : Ambu! Ambu! Kadieu geura sakeudeung
Ambu : Aya naon abah!
Ema : Itu tenjo geura kaditu ka kamar Iteung meni asa rame,aya naonnya? Sugan pase  jeung siborokokok.
Ambu : Iteung ari eta tv meunang timana meuni weuteuh keneh pisan?
Iteung : Nyameunanng meuli atuh ambu! Kapan Iteung  teh kamari teh tos ngajual domba jeung kang Kabayan,tah duitna ku Iteung dibeulikeun kana tv..
Ambu : Nya si kabayan bogaeun domba timana?
Iteung : aeh aeh ari Ambu! Pan Iteung teh ngajual domba nu abah,daceuk kang kabayan oge lamun Iteung bebeja ka abah hayang meuli tv, abah bakal ngajual heula domba.
Ema : Haah!!.. naon domba abah di  jual ku siborokokok?.. dasar minantu kurang ajar. Kamana siborokook kabayan Kabayan!
Ambu: Sabar atuh abah ulah waka ngambek ka sikabayan urang tanya heula sing bener. Barige itu sangu ku ambi geus di siapkeun dina meja,hayu urang d alahar heula!
Ema: Pokona lamun siborokook datang kadieu,ku abah rek ditampiling siah!!
Kabayan : Assalaamualaikum ! Abah, Ambu , wah kabeneran geus ngariung, asa rada lapar yeuh!!!
Ema : Aya naon siah ka dieu?!!?
Kabayan : He he..aeh Abah ari lemesna pangambung abah teh naon?
Ema : Cucungik sia kehed!!
Kabayan: Atuh eta dina cucungik sia kehed aya remeh. Matakge ari tuang tong rarusuh teuing..
Ema : Naaa ari maneh ngomong teh teu sopan pisan, domba aing di kamanakeun? Hah!!
Kabayan : Geus di  jual da nyi Iteung hayangeun tv, jadi abi ngajual domba abah.
Ema : Naha atuh bet ngajual domba nudewek? ..usaha so rangan! Dasar siborokokok!
K abayan : Nyaatuh abah ari kitumah, abi isukan rek indit  nyaba ka Jakarta  jeung nyi Iteung
Iteung : Naon akang? Iteung rek di bawa ka Jakarta?

Kacaritakeun nyi Iteung jeung Kabayan arindit ka JakartaSataun ti harita, kacaritakeun nyi Iteung jeung kabayan balik ti Jakarta, nyi Iteung balik ti  Jakarta jadi rada seksi

Iteung: heh! Ceu! Apal teu kamari iteung teh dibawa ka jakarta ku kang kabayan, rame hayoh di jakarta
Ocoh: aya naon wae di jakarta?
Iteung: di jakarta aya monas nu jangkung tea, aya keong mas, eta teh jieunan kang kabayan, eta keong mas meuni badag pisan siah
Ocoh: meni hebat salaki iteung mag bisa ngajieun monas jeung keong mas nyak
Iteung: enya atuh, kang kabayan tea
Icih: heh ngomong naon ari maneh teh iteung, meni ngacapruk wae ngomong teh teu pararuguh, hayu ah coh urang indit
Ocoh: hayu atuh

Hiji peuting aya maling nyusup ka imah kabayan nyokot tipi, sabab apaleun di eta imah ngan aya si iteung
Isuk isuk nyi iteung riweuh jeung reuwas ningali tipina geus eweuh
Iteung: kabayan! Kabayan! Itung leungit! Eh salah ketang, tipi iteung leungit kang!
Ambu: eleun eleuh aya naon iteung isuk isuk geus gogorowokan?
Iteung: ieu ambu, tipi iteung leungit!
Ambu: naha si kabayan kamana?
Iteung: enya ambu, pan si kang kabayan teh ngilu ngaronda ngan teuing kamana
Ambu: euh si borokokok mah ongkoh ngaronda naha bisa kamalingan?!
Iteung: nya duka atuh ambu, meureun si kabayan mah ngaronda ge bari sare
Ambu: cik mana si kabayan teh? Di carekan geura ku ambu

Tuluy kabayan datang bari linglung
Iteung: tah eta si kabayan ambu
Ambu: oh ieu si borokokok teh, kamana wae ari maneh?
Kabayan: ngaronda ambu
Ema: ieu teh aya naon isuk isuk geus gandeng? Ema teh keur sare jadi weh kahudangkeun
Iteung: itu atuh ema tipi iteung leungit pedah kang kabayan
Kabayan: naha pedah abdi iteung? Enmang kunaon tipi teh?
Iteung: eta kang, tipi kamalingan. Pan akang teh ngaronda  naha aya maling?
Ema: ah da si borokokok mah sare
Kabayan: nya kitu we lah, tuluy kumaha atuh?
Iteung: ah atuh duka kang kabayan, kumaha? Iteung mah teu bisa mikir deui
Icih: aah lebok sia
Ocoh: atuh ayeuna mah bakalan jadi rakjel deui hahaha
Icih: matakna jadi jalma teh ulah sombong, ai geus kamalingan mah ceurik pan
Akhirna si iteung jadi nyesel geus jadi jalma sombong, tuluy ngahampura ka sakabeh tatanggana sabab geus sombong 


tadinya gabakal dikasi tau pemerannya tapi kasitau ajadeh biar gak kepo :p
Kabayan: Muhammad Hidayat Gumilar
Iteung: Eliana Junita
Ema: Septiani Siti Maulidina
Ambu: Linda Dwi Maulina
Ocoh: Widia Pebrianti
Narator+Icih: Sry Elvina

kalau terpaksa mau copas izin dulu ya, minimal comment ;;)

2 komentar: